Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Manusa Nu Rosa

Jumat, 12 April 2013

MANCAT mancal langit. Manéhna. Disaksian bulan nu kari sesebitan. Ngoléang nyangsang na béntang malang. Katambias. Tanpa jugjugan. Matak samar perenahna. Roman nu teu sasari haténa ngageuri. sumarambah lebah lelemah manah. Poho kana dedeganna nu sembada. Kagamahan. Dunya méh musna dina itungan rénghap. Alatan laku jalma nu boga céda. Bumi inggeung. Gedong ting rariyeg, laju runtuh. Jalan aspal beulah, nyieun lolongkrang nu matak lewang. Di dinya pisan kakasih ilang tepi ka taya di kieuna. Gasik alam sadarna ngulisik. "Aing teu bisa tuluy gumulung na méga mendung, ténjo ku sia!" Rikat. Sapadamayan. Hiber ngabelesat muru tungtungna langit. Jubah beureumna ngélébét, sieup jeung baju latar biruna. Témbong hiji aksara lebah dadana nu geus koncara. Rék malikkeun deui dunya ka méméhna. Ku tanagana nu rosa. Muih sabalikna. Demi nu dipusti.* Budi Mugia Raspati - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya