Cap Jahé
TAYA pisan robahna. Teu matak cageur ku obat warung mah. Matak lah-lahan wé basa Si Mamah ngajak ka rumah sakit téh. Mending ka rumah sakit, mending ka dokter nu prakték di imahna kitu nya? Ka rumah sakit téh sok rudet. Loba
pisan unak-anikna. Daptar kudu ngantay. Di ruang tunggu ngantay. Di laboratorium ogé ngantay. Can ké nebus obatna, ngantay deui. Mending mun dokterna geus datang. Kalan-kalan jam salapan can datang. Tayohna masih kénéh ngacay. Pamustunganana mah milih ka dokter nu prakték di imahna. Geus karuhan.
Rérés dipariksa. Laju ka luar. Nyampeurkeun Si Mamah nu embungeun milu ka jero.
“Kumaha ceuk dokter teh, Pap?”
“Papap téh sutrés cenah. Kudu istirahat ka pantéy...”
“Baruk?”
“Enya. Kudu Paparahuan. Naék banana boats. Naék jétski. Ongkoh mondokna gé kudu di hotél deuih. Méh nyantéy…”
“Ayeuna mah urang ka rumah sakit wé, Pap. Dipariksa deui ka dokter séjén…,” cék Si Mamah bari rada jebi.* Deni Riaddy - kisuta.com


