Losmén
PEUTING numbukeun haregung. Jeroning rohang nu nyangkalak reregéh jarum jam. Sabot milang angka-angka nu ngampihan rusiah panglawungan. Di juru. Mamih maneuh jeung kelun udud. Nyérangkeun saban panto nu ngaringkeb isarah sora.
Kamar 17. Kapireng Rike humarurung. Bangun nahan kanyeri tina rintakan heumpikan. Pataréma aweuhan. Satengahing netek nanjak hégak Éva di kamar 18. Paeunteung-eunteung jeung kamar 25. Nu nyidem cikikik Témi. Dina rangkulan simbar dada. Katut haroshos Mira di kamar gigireunna. Bray. Panto kamar 11 muka. Ratna imut. Disangkéh lalaki tengah tuwuh. Sok. Mikeun lambaran duit kana ranggeuman Mamih. Dituturkeun Evi. Jumarigjeug. Teu kalis muntangan témbok. “Ékstrim ieu mah, Mih,” pokna. “Nu urang mah kawas hayam!” témbal Irma. Nyéréngéh. Sapandeurina. Déwi leuseuh. Mérésan rumbay kukusut buukna. “Hébat, Si Réni di kamar 28, teu kecét-kecét geus tilu jam, tambah ngarinum heula atuda...” Teu lila. Diwaredak deui. Las. Pulas lipstik séwang-séwang. Tamu tingtorojol. Panto padangaringkeb. Di kamar 28. Aya taranjang bugang anak jeung bapa.* Ari Andriansyah - kisuta.com


