Sastra & Humor
Fikmin
Naon Salah Uing...
Sabtu, 13 April 2013
JAJANG. Budak kelas 3 SD. Isuk-isuk geus sasapu buruan. Ieu poéan Kemis. Poé nu bakal karasa lila. Geus kabayang paromanan babaturana. Nu ting séréngéh. "Teuing, da uing mah nurut kuma ceuk bapa," alesan nu geus matuh. Komo
mun keur nyampeur ka imah baturna. Pasti kolotna ting kecewis. "Ulah ulin jeung si Jajang, bisi kabawakeun," ngalengis ningali panto dipeundeutkeun. "Padahal, naon salah bapa? Ukur meuleum menyan, unggal malem Jumaah!" ngagerentes. Susuguh, kitu bapa ngabasakeuna. "Bapa uing mah lain rampok, bapa uing mah ukur meuleum menyan." Jorowok nu kadéngé ukur ku dirina. "Naon salah uing" clak cipanona...* Apoedy Sarah Ihsan - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


