Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Lěgěg

Sabtu, 13 April 2013

HIJI waktu kuring ngalanto ka bioskop. Niat rěk lalajo pilem. Kabeneran aya pilem aksi karesep. Bari nungguan panto bioskop dibuka, kuring nangkring dina tangga jajalaneun asup ka ěta bioskop. Gigireun aya dua pamuda. Garaya, makě kacamata riben. Uplek ngobrolkeun pilem karesepna sěwang-sěwangan. Ceuk nu hiji, “Urang mah euy resep pisan ka Sahruk Khan, běntang pilem Hollywood těa”. Ditěmbal ku nu hijina, “Ari maněh, Sahruk Khan mah běntang pilem India, sok diajar belegug nya,” neruskeun caritana, “Ari urang mah resep pisan ka si Jet li euy, beuh hadě pisan lamun geus gelut těh.” Teu lila ngong sora awěwě tina spiker, “Pintu studio satu telah dibuka, bagi anda yang telah memiliki tiket studio satu dipersilahkan memasuki pintu teater.” Jung ěta dua pamuda těh narangtung, pamikir kuring maraněhna rěk lalajo. Kusiwel duanana ngaluarkeun hiji barang tina jero jěkětna. Tongkat lipat tina bahan alumunium. Laju duanana laleumpang iring-iringan bari ngopěpangkeun tongkatna něang pijalaneun. Sěrěngěh kuring seuri sorangan. Ari sugan heueuh rěk lalajo pilem. Heuheuy…* Ruhak Pajajaran - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya