Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Deudeuh Ukur Sapeuting

Sabtu, 13 April 2013

TI barang datang teu lésot, montél. Ditatangkeup, digaléntoran. Embung samenit gé papisah. Teu kitu kumaha, nu salila ieu sok kaimpi-impi kapimilik ayeuna aya hareupeun. Bagja sugema katémbong tina paromana. Pangkéng moal karasa simpé deui. ‘Na luhur kasur moal nyorangan. Moal kungsi kacaritakeun nyileuk hésé peureum. Aya batur nu marengan, matak tibra. Buru-buru dibawa ka pangkéng. Cetrék, panto dikonci. Bisi aya nu ganggu ngarah jongjon paduduaan. Sok, digolérkeun di gigireun, sakedapan diteuteup, buukna diusapan, digaléntoran, ditangkeup. Geugeut ku seungitna. Peuting karasa bagjana. Teu karasa reup peureum. Impian-impian éndah milu mapaésan. Tibra nepi ka isuk-isuk. Haroréam rék mukakeun mata. Keup, nangkeup deui. Ngan teu lila, nu ditangkeup dipangpéngkeun dibarung gorowok. “Ambuuu...piceun bonékana, bau hangseur!”* Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu -kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya