Peuting Di Leuweung
SORA kirinding, Nyimas, dipirig hitar. Mawa haté ka jauhna, ka sagara keusik tempat Séti ngagentraan karuhunna. Tilulas budak ting kalacat dina tangkal nu kuring teu apal ngaranna – ari Ki Bagawan mah nyebatna téh tangkal paku –
lamunan ngilu cengkat. Nyawang diri urang, nu kakalacatan dina tangkal kahirupan, dikotak-kotak ku kapentingan, bari terus nugaran gunung, nuaran kai. “Tong lila teuing di Cikawali, Citraresmi bilih bendu,” ceuk hiji sora, basa urang ngarandeg di tétécéan, muntang pageuh kana awi.
Leuweung asa hégar, sanajan ukur dicaangan cahaya damar nu kakalicesan. Basa urang moncor ka handapeun tangkal pakis, nu ngadakom meulah jajalaneun, panon carinakdak, teu wasa nénjo léngkah ka tukang, dipirig ku kolot budak nu pauntuy-untuy ka lebah lebak. Mapag karuhun nu marulih ti Bubat.
Di lebak, tempat balong saat ngalegaan, bulan benjol asa mabra, sorotna nojosan pucuk tilu tangkal nu jarangkung, ngadamaran nu pating kuniang. Nyodorkeun lumar keur anak incu. Pun sapun...* Maman Gantra - kisuta.com


