Sastra & Humor
Fikmin
Nagen
Minggu, 14 April 2013
SIRAH dibakutet ku dadung. Tungtung nu hijina ditalikeun na bujur toronton. "Tarik Mang!" Golosor, awak diséréd. Tibabaranting. Awak rajét, sirah guyang getih diadu jeung batu sapanjang jalan. Tapi anêh, sanajan batok sirah beulah
polo mah angger nyongclo. Napel pageuh, teu ieuh mancawura.
Panasaran. Sirah nu rujad dipernahkeun handapeun ban toronton. Kreeek..., sora sirah remek digéléng. Anéh deui waê, najan batok sirah remek gé polo mah nagen guguruntulan. Lain muncrat, kalah ka aclok-aclokan bari ngaléléwé.
Napsu. Gep, polo ditêwak. "Ari sia dijieun tina naon kéhéd!!! Geura puyar atuh bel, geus rék tilu purnama aing teu bisa ngamikmin..."
Belewer, polo nu kalah ka nyengir dibalédogkeun ka tengah sagara.* Eboed Eman Budiman - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


