Anak Jin
PEUTING Juma'ah, méh wanci tengah peuting, indung jin mawa anakna nyaba ka dunya manusa. Hiji pilemburan anu keur sepi jempling, jog indung jeung anak jin téh ka hiji imah, terus asup ngaliwatan liang-liang bilik. Srog asup ka
dapur, kasampak aya beurit di parako. Anak jin seuri bari kumétap, gajleng... ngan sakilat beurit téh geus aya dina keupeulanana terus disamualkeun, eureuleu teurab. Ningali kalakuan anakna, indung jin téh ngan ukur nyikikik.
Blus ka patengahan, suwung euweuh sasaha. Ngan, kadéngé sora nu rukat rekét jeung sora anu rumahuh humaregung ti lebah panto anu nutup. Anak jin rungah-ringeuh terus neuteup indungna.
"Ma sora naon éta?" indung jin teu ngajawab, paromanna siga anu bingung. Anak jin terus ngadeukeutan lawang panto, sora anu rerekétan jeung anu humaregung mingkin jelas, silih tempas.
"Ma urang téang nya? sugan wé aya beurit anu badag," ceuk anak jin bari terus ngadeukeutan panto, leungeunna ngaragamang kana géréndél panto. Tapi, méméh panto muka indung Jin geuwat ngajéwang leungeun anak jin.
"Ulah asup ka dinya....!"
"Naha Ma?"
"Ulah, pamali. Acan manjing umur ujang mah...!!"
"Ooohh......" Ceuk anak jin, dina pasemon anu kareureuwasan jeung pinuh ku kasieun.* Ki Lalat Socrates - kisuta.com


