Miharep Dunya
HIJI poé, Ahmad diutus guruna pikeun silaturahmi ka Syékh Lebu Al-hasan As-Syadzili. Pancén ti guruna, ngaregepkeun turta nepikeun naon anu bakal diwejangkeun ku anjeunna.
Anjog ka nu dituju, Ahmad teu kebat uluk salam. Mata simeuteun nempo wangunan anu pohara agréngna, lir karaton. Naha ulama jumhur satingkat wali bet miboga harta banda sakieu lobana? Mun guru kuring onaman pantes, Ahmad ngagerentes.
Kulutrak! Panto muka. Syékh Lebu, jol pok, “Bejakeun ka guru anjeun, iraha manéhna rék eureun mikiran dunya? Assalamu alaikum!” Panto dipeundeutkeun deui.
Ahmad mulang. Sajajalan hémeng ku caritaan Syékh. Naha guruna anu miskin, disebut mikiran dunya. “Naha teu tibalik, kitu?” Norowéco sorangan sapaparat jalan.
Di imah guruna manéhna ditanya, “Naon talatah Syékh téh?”
“Anjeunna nyarios, iraha Mama bade lirén ngemutan dunya?”
“Anjeunna bener. Sanajan beunghar, dunya teu matak nyalenggorkeun haténa. Sedengkeun Mama kusabab miskin, masih miharep iraha beunghar.” Ahmad unggut-unggutan, ngaregepkeun.* Rudi Alfajri - kisuta.com


