Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Sajak

Sajak Kaom Démonstran

Senin, 15 April 2013

Geus diburakeun ciduh kamalaratan di ieu nagri

dina sela-sela kamiskinan rohani mangréwu umat

-- kaom-kaom nu katandasa

   kaom-kaom katideresa

Geus diburakeun ciduh kamalaratan

getihna getih kanista

Geus diburakeun sagala nu kasidem

na buku-buku pangaweruh jeung téknologi

na buku-buku filsafat jeung psikologi

na buku-buku budaya jeung antropologi

na buku-buku ékonomi jeung sosiologi

Geus diburakeun sagala nu kakemu

; naha buku-buku téori, pamplét-pamplét na témbok,

slogan-slogan kadaluwarsa, pidato-pidato di mimbar

cukup keur merangan pirang-pirang kakurang kahéngkér?

Antapani, 1996

 

Rosyid E. Abby – kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya