Lain Kahayang
LEBAH gerbong urut. Aya karaha dina unggal juruna. Sarung-sarung nu geus belél, katambahan ku simbut belang hideung bodas nu geus teu puguh angseuna.
Manéhna nelek-nelek biwirna na eunteung leutik. Renya-renyu, kacampuran ku ngabelenyéh kakapeungan. Rét kana panonna, kana pipina. Dangdak-déngdék, bangun can sugema kana dangdanannana.
Lila-lila ngeluk tungkul. Ras ka anakna di lembur. Geus kelas genep. Geus butuh kana béaya nu leuwih gedé.
Hawar-hawar kadéngé adan maghrib. Gap kana mukena. Solat rada lila tina biasana. Aya inghak dina sujudna.
Réngsé ngadunga, mukena dilaan. Méméres buuk. Ngeunteung deui. Tuluy turun tina gerbong. Meuntas erél karéta nu geus lila teu dipaké.
"Win...rék mangkal moal? Nda tiheula, nya...." hareupeun gerbong nu hiji deui, manéhna nyoara. Euweuh nu mairan. Ukur gupay leungeun hiji awéwé nu beungeutna keur dimasker nu jadi jawaban.* Ahmad Fawzy Imron - kisuta.com


