Sastra & Humor
Sajak
Cangkang Daging
Selasa, 16 April 2013
ka mana jalan mulang
mun seug panto haté nu meundeut
teu bisa dibuka ku sajatining konci?
nyawa ngalungsar dina cangkang daging
pajaratan muru simpé di jero haté
geuning ngaji diri teu hatam-hatam,
komo ngaderes kitab suci
1994
Soni Farid Maulana - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


