Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Teu Tega

Selasa, 16 April 2013

TINA lawang panto ka dapur, kuring ngawaskeun Mamah nu keur ngagulah-galéh sambel goréng kentang na kancah.Gog cingogo, kepoh-kepoh niup songsong. Pananganna tapis motongan daging sapi keur sopeun bari nungguan tumis asak. Sababaraha kali ngarérétan ka kuring . “ Geura bobo, ajakan Adé,” cenah bari nyusut késang nu renung na taarna ku tangan baju. Di patengahan, nu sempal guyon sahéng ti kamari. Ngagonjak Téh Ani , putrana Ua nu énjing rék nikah. Pipanganténeun kari bareubeuna, samar polah. Mamah, duh Mamah. Nu kasaksian ngan tunggu dapur, dipupurah. Tara nyaho nu éléktunan jigrah. Saur Mamah, “ Teu kudu honcéwang jadi jalma kurang. Kapan urang gé sarua méré kelir kana kahirupan.”* Tiktik Rusyani - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya