Tombol Kibod
H-I-R-U-P. Diketik. Ngajeblag ‘na monitor. Leng…pajurawet. Poékkeun rék nuluykeun. Aral. Kibod dirabut, diulangkeun. Jebréd! Kana monitor. Kibod ancur, burakrakan. Tombol-tombolna mancawura. Monitorna marékplékan. Sagedé-gedé tombol.
Ngabarak, jadi puluhan tombol. Ratusan. Rébuan. Ngubeng méja. Tombol-tombol dipulungan. Dipilihan hurupna, dijajarkeun: C-I-T-A-C-I-T-A. Séah, rébuan tombol arusik. Ngéntép. Patétéép. Jlug-jleg jadi makét gedong, kebon, tatangkalan, bubuahan, patamanan, kekembangan, wahangan. Salin warna. Jeung seungitna, jeung segerna. Éndaaah…Sawarga!
Jajaran tombol diacak. Kop, tombol séjén. Dijajarkeun: P-A-N-G-É-R-A-N. Séah, rébuan tombol arusik deui. Robah wanda. Ngéntép deui. Patétéép. Bleg! Nu takrah-tokroh. Kari tulang dibungkus kulit. Karijut. Dilipen, diwedakan. Direunceuman sarwaning perhiasan. Nyangsaya teu walakaya. Sahos-hoseun. Salin warna, ngaruhay. Jeung héokna, jeung hangruna. Jegur! Tombol-tombol nu ngaruhak, mancawura. Nyilalatu. Ngahéab. Ngarérab.* Dadi Arya - kisuta.com


