Ngumbara
Séak, lumpat satarikna. Ngadius ka tempat urut ngajoprak. Jleng, ngaluncatan jelema nu keur ngagimbung. Lumpat muru sisi jalan panungtungan. Kasampak haneuteun. Séséléké di antara jalma nu keur adu rényom. Nyaritakeun
kajadian sabenerna. Unggal nu nyarita asa pangbenerna. Asa pangnyaksianana. Teu maliré ka manéhna nu tipoporosé ngajéntrékeun naon nu kaalaman. Taya nu ngadéngé. Rét kana uteukna nu bacacar dina titincakan. Pada ngaronom. Tapak ngaleyek. Napel dina aspal. Semu hideung kasaput ku beureum nu hanyir. Ret ka nu ngaborélak. Tah, ningan, kapanggih! Gancang huntu dicokot. Sup, dijejegkeun. Wanci muru janari. Soloyong ka kidul, laju ngalér. Néangan tempat nu pikabetaheun. Reg, handapeun mahoni. Jul-jol nu ngabagéakeun. Méré tempat saheulaanan.* Teti Taryani - kisuta.com


