Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Lalakon Lutung Kasarung (25)

Kamis, 18 April 2013

LAIN béja deui tapi ieu mah fakta ceuk barudak ayeuna mah. Ari nu ngaranna 'gering' mah di mamana oge angger teu ngeunah. Leuheung mun tina gering téh ngahasilkeun duit jiga budak nu disunatan, loba nu nyecep. Apan ieu mah           kudu ubar-abér ka dokter sagala bari jeung ngaluarkeun duit. Kasebelan pisan! Ongkos hirup ngadon nambahan teu pupuguh. Nasib... nasib..!
Lieur saeutik dina jero sirah, kitu mimitina mah. Unggal dipaké mikir, sirah ngajedud. Tina sela-sela akar buuk kaluar getih, ngarakclakan. Utun gegetun, bingung taya tungtung. Nu dipikasieun nyaéta sieun béakeun getih mun manéhna terus-terusan mikir. Getih teu bisa diganti ku kécap.
Kutu dina sirah darémo, unggal usik kabanjiran. Abring-abringan parindah. Sawaréh pindah kana halis, kana bulu kélék, bulu dada, kumis, malah aya nu kana janggot sagala. Aya ogé nu tumetep dina sirah. Ruang-riung sanajan papada bingung. Utun gagaro sirah. Ngarasa ateul nu pohara. Getih ngaburial dibarengan raclengna kutu ka saban madhab.* Irman Dimyatie - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya