Ceu Inong
SANAJAN umurna geus nincak tengah tuwuh, tapi gurat-gurat kaéndahan masih kénéh atra dina rupana. Geulis lain saukur pupulasan. Basa munggaran paadu teuteup jeung manéhna, Gustiii...! Naha kuring jadi samar polah? Si Cindung
bungur geus nyetrum jajantung ku teuteupna nu sayu. Imutna nu anteb matak ngerenyed.
Harita, wanci sareupna nu dipapaés ku girimis ipis. Uplek ngalér-ngidul satutasna acara lekasan. Inong Meutia, ngaranna. Hayang dicaluk, Ceu Inong. Teureuh Meulaboh. Kiwari bumén-bumén di Subang. Pasemon nu teu weléh marahmay. Calakan. Soméah. Matak pikayungyuneun. Duh, Ceu Inong! Anjeun mani bisaan nguwak-ngawik ieu haté, malah ayeuna anjeun keur mawa ieu lelembutan, kakalayangan mapakan méga. Nujul ka bulan. Jarum jam asa gancang muterna. Cunduk kana waktu. Kudu paturay. Mulang ka kota séwang-séwangan.
Kagagas basa silih teuteup, bari pataréma panangan. Anjeun ngaharéwos. Nyéh, kuring seuri bari némbalan, "Insya Alloh, abdi moal isin, Ceu!"* Erwin Wahyudi - kisuta.com


