Lawang Gerbong
REGEJEG-regejeg, gejlug! Regejeg-regejeg, gejlug!
Gebut. Diuk semu ngabeubeutkeun awak. Deukeuteun lawang gerbong. Laju ngarahuh miceun bangbaluh. Késang urut ucing sumput jeung nu jaga péron, disusut ku tonggong leungeun. Kusiwel. Rét. Runtuyan SMS ti lembur. Saminggu landung.
Kabéh geus dibalesan. Sabisa-bisa. Iwal nu tadi beurang. Nu mawa awak kana ieu lawang gerbong. Dibaca deui.
Regejeg-regejeg, gejlug! Regejeg-regejeg, gejlug!
Reup. Néang pijawabeun. Weléh. Ukur rumahuh. Nyah. Saku calana nu rajeg, hareupeun. Tas jingjing, gigireun. Beuheung ibu-ibu, dongkangeun. Nu mana? Nyukupan, moal? Aseli, lain? Ka mana pilumpateun? Sabot pagegelek di setatsion? Kuma mun kacerek? Ngajleng sabot nyemprung wé kitu? Enya, mun meneran kana taneuh léndo? Kuma mun ninggang batu? Sirah rocop. Uteuk rungseb. Rét ka lawang gerbong. Kalan ngaheureutan. Kalan ngalegaan. Rét deui kana SMS. Rét deui ka nu rajeg. Rét ka gigireun. Rét kana dongkangeun.
Di luar. Di jero. Beuki awor. Regejeg-regejeg, gejlug! Regejeg-regejeg, gejlug!* Dadi Arya -kisuta.com


