Kurudung Beureum
Pasosoré nyésakeun ci hujan. Taya tapakna gelap dordar. Angin patinggelebug. Katumbiri di tungtung gunung siga nu ngahaja mapaésan alam. Éndah kacida. Siloka yén kabagjaan pinasti datang sabada musibah jeung kajadian ahéng tumiba.
Luhureun kembang eros nu meujeuhna ligar, aya kurudung beureum ngait dina cucukna. Disampeurkeun. Didudut lalaunan. Lebar temen bisi soéh. Dibébérkeun. Alus naker kurudung téh. Bisa ngarungkupan sakur nu wajib ditutup. Ditaksir. Dibolak-balik. Kelir beureum. Bet siga getih nu ngamalir, tembus kana jajantung. Bahanna gé siga sutra petingan. Diusap. Béda ngageleserna. Dicipta-cipta. Bangun tiis kana sirah. Kurudung saha atuh. “Punten, Kang! Éta kurudung beureum nu abdi…” Ujug-ujug aya sora halimpu hareupeun. Matak mata simeuteun. Gusti teuing. Geulis. Éndahna ciciptan Hyang Widi. Song! Dibikeun. Laju ditampanan ku manéhna. “Hatur nuhun!” Cenah. Sakilat pisan. Si Geulis geus lumpat. Ngapung ngahiji jeung méga. Ngajomantara. Leungit dina éndahna katumbiri.* Deni Riaddy - kisuta.com


