Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Baduy Yang Terhormat

Sabtu, 20 April 2013

DIJURUKEUN di Cikeusik, Baduy jero. Keur budak, purah galécok sagala ditanyakeun. Tangka capéeun kokolot mangjawabkeun.
Keur meujeuh lelengerna, loba ngulampreng ka panamping, ngadéngékeun cacahan sémah.
Geus parajaka, buta tulang buta daging, idin kana puun, para olot ogé jaro, hayang sakola di luar. Kabéh ngidinan, ngarah aya tuturus, nepikeun cacahan kahayang lembur.
Pada ngajarampéan. Sung-song marekelan. Lunta tina kampung sajuta pantrangan, taneuh titipan, adat turunan. Miang ka luar, kana karaméan, leuweungna sajuta pamasalahan.
Ku jujur, ku pinter jeung bener. Jleg, jadi anggota "yang terhormat".
Balik pada ngawal, kokono pada nyaratet, réngkak pada nganalisa, bumetah di gedong déwan, tilok kaur noong ka pilemburan.
"Héh éling dia, ieu lemah digunasika."
Koréjat tina palupuh deui, dianggel tulang sikut deui. Neuteup mayakpak pasir deui. Nanggoan panén paré huma deui.
Haté Baduy, tumetep sing Baduy deui.* Rohendi Pandeglang - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya