Nyiar-nyiar
ARAL! Ti saprak ditéwak pulisi lantaran dagang tarajé dina jero beus,
haténa rumahuh. Ingét basa diséséréd, kejet koséh nepi sendalna pegat.
Teu walakaya. Ukur panonna nu ngaburilak, seukeut ibarat congo pedang.
Nyiar kipayah téh bet asa hésé béléké. Duh!
Nyarandé kana kusén panto, manéhna ngahuleng. Neuteup langit nu
meredong. Bulan teu némbongan. Pihujaneun.
Enya wé, hujan! Nyéh, seuri. Sup, ka kamar. Kot, kana sapatu karét.
Kot, jas hujan, rap dipaké. Gejlig, muru ka jalan. Belewer! Batu sagedé
peureup dibalang-balangkeun kana suhunan imah nu diliwatan.
Meunang opat péngkolan mah, balik deui ka imahna.
Golédag kana dipan di kamarna nu pasoléngkrah jiga gudang. Sepré gé
boa ti iraha teu diseuseuh. Kuleuheu, jiga haténa. Hapeuk, jiga hirupna.
Nu seungit téh ukur kembang malati di buruan imahna.
Reup peureum, isukan rék dagang tarajé deui. Geus pasti loba imah
nu balocor, barutuheun tarajé. Ucing hideung nu ngaréngkol handapeun
dipan, ukur bisa gogodeg. Ah!* Is Tuning - kisuta.com


