Sastra & Humor
Sajak
Angin Leiden
Sabtu, 20 April 2013
leumpang handapeun tatangkalan
nu taya daunan, nu oyag-oyagan diteumbag
angin peuting nu ngagelebug ti arah wétan:
bulu punduk bet muringkak. Harita,
sora tatangkalan karungu lir sora ombak laut
nu keur digaléntor ku angin taifun.
sanggeus tanjakan, salju murupuy deui,
sakapeung katénjo ngaburinyay najan sajorélat,
katojo lampu mérkuri nu ngempray di sisi jalan.
di peuntaseun taman, aya tilu mobil ambulance
ngaliwat pauntuy-untuy.
di hareupeun, méh ampir ninggang sirah
jeung taktak; sajodo gagak camani ragrag,
jiga nu kabulusan, gagarapakan,
kawas jalma sakarat, kawas hiji nini-nini
nu dibawa ka rumah sakit ku incuna
na ambulance. Kutan jiga kieu
panorama winter?
1999
Soni Farid Maulana - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


