Nu Ngajerit Di Rumah Sakit
SORA ungkut-ungkut jeung caricangkas patémbalan di luar rohangan rumah sakit. Rasa keueung minuhan dada. “Peuting ayeuna asa jempling pisan,” gerentes kuring bari memener jékét. Geus tilu peuting ngemitan mitoha.
Cangkeul. Koloyong ka luar, néangan hawa seger. Gék dina bangku, diuk ngabaheuhay. Rentang-rentang saurang suster leumpang ngadeukeutan. Pangawakan jangkung lenjang. Datangna dibarengan jeung hiurna angin. Nyecep tiis. “Pa! Punten. Abdi badé marios tuang rama!” pokna rengkuh. Haté nyeblak. Blus ka rohangan. Karék ogé ngalenggut, ti jero rohangan aya sora nu jejeritan. Kuring tibuburanjat abus ka rohangan, kasampak suster geus nangkarak bengkang. Lebah dadana gorowong. Getih ngabayabah. Di juru, mitoha keur cacamuilan nyapék jajantung, bari mencrong. Kukurayeun. Katémbong getih ngagénang na tungtung sihungna. Kuring ngagoak, soak. “Pa! Pa!” awak kuring aya nu ngageubig-geubig. Kuniang hudang tina bangku. Rét kanu ngahudangkeun, suster nu aya dina pangimpian. “Pa! Punten. Abdi badé marios tuang rama!” pokna, angger rengkuh. Kuring olohok.* Rudi Alfajri - kisuta.com


