Sastra & Humor
Fikmin
Pati
Minggu, 21 April 2013
Hésé anggeusna carita téh. Manéhna keukeuh hayang dipaéhkeun. Sedeng kuring teu bisa narima kahayangna. Euweuh dina kamusna keur kuring mah mun kudu maéhan tokoh carita. Naskah téh jadi mulan-malén tungtungna téh.
Antukna kuring nepungan Édgar, sobat dalit baheula. Ngan lawas teu tepung. Édgar téh pangarang nu resep kana téma-téma ngeunaan pati. Resep maéhan tokoh carita. Nu matak disebutna gé pangarang nu dalit jeung pati Édgar mah. Ka Édgar téh rék mikeun manéhna. Sugan butuheun. Ngan hanjakal, basa ditepungan ka imahna téh Édgar teu kasampak. Cék béja ti tatanggana, Édgar maot bulan kamari.* Ibnu Hijar Apandi - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


