Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Emansipasi

Minggu, 21 April 2013

TAMAT ngabahas makalah “Gender Mainstreaming” nu keprok sahéng. Bereyek nu hayang dipoto bareng. “Omat di kacamatan abdi mah kedah Ibu nu masihan ceramah,” ceuk Bu Camat Cikahuripan.Tiba unggeuk bari nyebut Insyaallah. Gura-giru balik, naék turun angkot tilu kali. Anjog ka imah, si bungsu keur ngacak sangu bari tumpak ompol. Nu panengah keur anteng maén PS, nu cikal smsan bari diseragam kénéh. Ngarérét ka lebah dapur, kumbaheun patulayah. Bus ka kamar, rék ucul-ucul. Panon rambisak bari neuteup kanu ngarengkol bari nyegrék. Emh, élmu ajug.* Tiktik Rusyani - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya