Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Awéwé Kuli Kontrak Harita

Minggu, 21 April 2013

CIIBUN masih tinggarénang dina jukut jeung dangdaunan. Hupmandor geus ngabedega deukeut panto gerebang pabrik dibaturan ku opsénder. Panonna rancingeus nilik-nilik unggal kuli kontrak awéwé nu ngaliwat. Leungeun kenca nulak cangkéng sedeng nu katuhu murintil-murintilkeun tungtung kumisna nu baplang. Sakapeung sirahna unggut-unggutan bari nyéh imut. Abringan awéwé kuli kontrak beuki rarengkuh waktu ngaliwat hareupeunana, lain ku ngahormat-hormat teuing tapi aya rasa sieun dina haté maranéhna. Sieun ngarandapan nasib jiga Nyi Empat. Ceuk béja Nyi Empat jadi bugang sanggeus ngalayanan jalma éta.* Nyai Endit - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya