Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Raracik

Minggu, 21 April 2013

MASAK geus jadi pagawean nu ilahar pikeun ibu-ibu mah. Komo ayeuna nyiapkeun keur buka puasa, sagalana ge apanan kudu istimewa. Poe ieu mah rada onjoy pasakeun teh, ma'lum loba pamenta. Si Cikal cenah hayang goreng hurang ditariguan, nu panengah hayang beuleum iga sapi jeung tumis kangkung karesepna, nu leutik hayang daging hayam dibumbu kecap, Bapana mah biasa angeun lodeh jeung jambal roti, sambel jeung lalab weh henteu tinggaleun. Keur tajilna, kolek cau nangka make cangkaleng katut goreng bala-bala da sok kudu aya kusabab pangaresep sarerea.

Ti satengah tilu geus ngusrek raracik, ti mimiti nyiksik, ngeureutan, ngarenos, ngadonan, nepika kusrang-kosreng ngasakanana. Teu karasa geuning waktu teh nyerelekna. Ampir maghrib kakara rengse kabehanana, ma'lum ukur dipigawe ku sorangan.

Ngong adzan maghrib, barudak pating kurunyung dituturkeun ku bapana, raong naranyakeun pesenan sewang-sewangan. Kabeh jaligrah dumeh laksana ditedunan pamentana.

"Mah, mana ieu teh sanguna...?

"Astaghfirulloh.....!" Geuwat ngojengkang ka tukang rek ngisikan heula.* Zulaikha Sobana – kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya