Huap Panungtung
KATUGENAH ukur disidem dina haté. Ngabandungan paripolahna nu matak nganyerikeun. Sahaok kadua gaplok mun teu panggih jeung panuju. Kudu pok torolong nedunan paméntana. Di mana manggih kapusing murang maring sagala dibalangkeun.
Lain teu bisa barontak, karunya ka barudak. Kajeun nandang tunggara, pasang badan tibatan budak jadi korban. Sakalieun aya pangabutuh keur kaperluan barudak tara wani wakca, nungguan sodrahna. Kapaksa kudu usaha sorangan, muter otak. Nungtut ngajual barang titinggal kolot. Adatna angger euweuh robahna, teu bisa kumaha. Pasrah kana nasib diri. Pasosoré sadatangna ka imah, pasemona baketut baeud. Kawas biasa sagala dibalangkeun, tuluy muru méja makan. Teu talangké buru-buru diladénan. Song piring eusi sangu jeung deungeuna. Ukur dipelong. Geus rada lila, karék dihanca. Ngahuap dibarung ambek. Jajauheun ka sukuran masih kénéh aya dahareun. Tapi teu burung eusi piring ampir beresih. Tepi ka huap panungtung, “awwww…!” jeritna bareng jeung awakna nu ragrag ninggang lanté. Getih ngabayabah. Péso masih nanceb ‘na dadana.* Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu –kisuta.com


