Sastra & Humor
Fikmin
Payung Bungur
Minggu, 21 April 2013
Poé éta. Cacap ngadago-dago. Taneuh leyur katinyuh cimata langit. Seuseukeut hujan ngarungrum jarum detik jeung menit. Maralak na luhureun hateup halteu. Anjeun datang ngasongkeun imut. Iris miis kana haté nu ngararas. Lir
kalakay muntang dina sela-sela régang.
Payung kembang pulas bungur ditampa. Jadi tamba nyeri beuheung sosonggéteun.
Aya rasa asih milu ngiuhan na handapeun payung bungur. Ngiclik satukangeun.
Peuntaseun jalan. Anjeun ngarandeg. Ukur wasa ngusap taktak. “Hatur nuhun, Kasép..! Sawios teu kedah diangsulan..!” Anjeun imut leleb. Nanawarkeun deui payung bungur ka sakur nu kapegung di jalan.* Yanti Sri Budiarti – kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


