Ibun Dina Pucuk Paré
HALIMUN nyimbutan wanci caréngcang tihang, hawa tiis nyoco kana tulang, srangéngé asa kutalangké nyaangan poé, aya ku lila pisan nepi ka wanci haneut moyan. Duka teuing pédah haté keur marudah meureun, padahal da di lembur
kuring mah kakara karasa haneut cahaya sumirat téh kira jam sapuluhan.
Teu maksakeun moal kabagéan,,kencling kuring indit mawa kaperluan dibuat sapuratina, arit, karung, nyiru jeung tolombong. Teu poho mungkus sangu timbel keur bekel. Kailaharan di lembur kuring lamun nu bisa ngilu dibuat téh anu milu tandur, alhamdulillah najan rada elat kuring dibagéanan sakotak gedé. Jam salapan kakara réngsé ngarit jeung ngéntépkeun gebugeun. Saacan neruskeun hanca kuring reureuh heula deukeut sirah cai. Keur anteng neuteup pigawéeun nu ngahunyud aya nu ngagebah, aduh kuring ngarénjag sataker kebek bari ngajerit satarikna.
"Aduh juriggggg!"
"Hapunten nyai akang tos ngareureuwas.”
Haji Daman nu boga sawah tamada, kuring istigfar laju ngagidig ngajauhan manéhna. Haté ngarakacak, baheula keur sangsara kuring buméla ka manéhna. Ayeuna manéhna hayang balikan deui. Lain teu nyaah lain teu bogoh matak tujuh taun kuat nyorangan ogé, ngan hampura kudu jadi nu kaopat mah ampun paralun.* Bening Selaksahati - kisuta.com


