Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Ngawas

Minggu, 21 April 2013

RUPA-rupa pamolah barudak basa kuring asup ka ruang salapan téh. Aya nu ngarahuh, aya nu pok pisan, “Eueuh… ning ku Ibu! Lah, moal tiasa luak-lieuk,” cenah. Jebréd! Sora méja diteunggeul. Kabéh ngarérét ka tempat datangna sora. Kuring kur imut. “Tenang, Dak! Lamun hidep nolak diawas ku ibu, ké digentos ku Pa Jana nu bageur. Ambeh laluasa.” Gancang nelepon Pa Jana, ménta tukeur tempat. Barudak taya nu lémék, ngan kaciri samar polah.

Réngsé UTS poé éta, barudak ti ruang salapan digiringkeun ka lapang upacara. Dibariskeun jeung dipapatahan ku pupuhu sakola di nu mentrang, sabab katohyan keur UTS sakitu sahéngna, ngadon patiron-tiron.* Teti Taryani – kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya