Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Ambek Nyedek Tanaga Midek

Minggu, 21 April 2013

REGEYENG, karung teh dipanggul. Sanajan beurat teu dirasa, kesang nu nyorolok saawak-awak ge teu dipirosea. Dicipta-cipta pasti buruhna gede. Kalangkang duit napel na kongkolak panon. Piraku we dibere saeutik, nu nitahna ge awewe geulis tur make kandaraan mewah. Nepi tujuan, cag, karung diecagkeun, kadenge si awewe ngomong, "Mang, tah ieu artos sapuluh rebu, kangge buruh ngangkut sareng sakantenan abdi pangmeserkeun roko 2 bungkus, jeruk sakilo, sareng sukro weh 3 bungkus nu arageung. Omat nya. Tah angsulanana mangga candak weh ku Mamang.” Kuring calangap.* Meila Handayani – kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya