Impian Wulan
NGAN hiji pangharepan Neng Wulan teh. Hayang ngahiji , jeung impianana, nyaeta, diuk ngarendeng jeung nu dipikanyaahna, di hareupeun hiji ajengan anu bakal ngesahkeun manehn jeung kabogohna,jadi sapasang muhrim.
Tapi eta kahayang kudu diteken jero atina. tetep kudu sabar padahal manehna geus hayang jadi hiji pamajikan anu gumati kanu dipikanyaahna. Anu bejana mah mun dahar kudu masak sorangan, mun ngopi kudu ninyuh sorangan, mun gering tara dipirosea ku pamajikanana anu wanita karir. Hiji poe Wulan jeung Indra diuk di jero mobil bari ngabuburit. Basa ku Wulan ditanya: "Kumaha atuh mun Kakang hoyong sapatemon?" Jawabna ngan saukur: "Aaaah.. Ceuceuna mah " ngomong kituna teh bari ngbalieur siga anu kuciwa pacampur keuheul. Duh, Wulan ngarahuh jero hate, "Karunya teuing kannyaah kuring." Padahal manehna geu siap ngurus lalaki nu dipiknyaahna. Siap ngurus siap mikanyaah, make sok boga pikiran, keun wae dijadikeun pamajikan nu kadua. Oge. Tapi waragadna teu acan aya wae
Sanajan kitu tetep Wulan hayang hudang tina impiananana.* Lies Tjandra Kancana Sudarna – kisuta.com


