Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Nganteur Kahayang

Senin, 22 April 2013

KASURUNG ku butuh, sawah nu legana ngan saratus bata, kapaksa dilanjakeun ka Juragan Husén, pakeun bahan pibataeun. Duit sajuta satengah ditampanan. Ras ka anakna, nu mogok sakola, mugen miang mun can dipangmeulikeun motor métik. Jang dépé masih kurang sajuta. Kapaksa deui baé, nambut ka Juragan Husén. Geusan mayarna Sartim buburuh ngajublag. Salawé poéeun. Morérétna panonpoé teu dirasa. Eureun sajongjonan, gesut nyusut kesang nu renung ku tungtung leungeun bajuna. Regot ciherang namperkeun hanaang haténa nu ngageuri. Nalangsa nyakséni sawahna nu léndo diala taneuhna. Taun hareup, kawasna paré bakal pundung moal baleuneur, ngagerentes. Aya nu ngagenclang ‘na juru panonna. Dur bedug. “Alhamdulillah, nuhun Gusti, abdi masih dipaparin umur dugi wayah kieu,” neuteup ka langit, namprakkeun leungeun. Tutas ngumbah pacul sisi solokan. Seja mulang heula, reureuh dahar jeung netepan. Di tutugan jalan. Kasampak loba jalma ngarubung. Dina brangkar ambulan, aya nu ngalempréh maké saragam sakola. Di mobil pulisi, karérét motor métik pelat TEST.* Helmi Pakudjati - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya