Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Karéta Cinta

Senin, 22 April 2013

Gék, aya nu diuk hareupeun. Kaangseu parfumna. Tina seungitna, bet jadi inget ka manéhna. Pikiran ujug-ujug kumalayang. Lima warsih nu kalarung. Dina karéta ieu pisan munggaran panggih jeung manéhna. "Gajah Mada..." Manéhna ngasongkeun leungeun, bari malédog ku imut. Jajaka gandang. Pangawakan sembada. Luyu pisan jeung kalungguhanna sabagé komandan batalyon. Uplek ngalér ngidul. Sup, karéta meulah torowongan. Celepot, kana pipi katuhu. Gebeg! Manéhna ngaharéwos, "Aku padamu..." Mangpirang-pirang kelir rasa, nyambuang sapada harita.
Ti harita. Jadi remen pisan tepung pikeun ngedalkeun rasa nu ngagalura, nyuaykeun pirang-pirang kasono.
Hiji waktu, manéhna katarajang musibah. Sapasang panon nu miboga paneuteup seukeut, kapétélan ku bubuk granat waktu keur latihan. Tetempoanana jadi mongkléng. Demi beubeureuh anu geus maneuh, kuring rido ngéléhan manéh pikeun kalumangsungan karir-na. Dunyana caang deui.
Tapi teu lila ti harita, manéhna ngejat. Euweuh iberna. Saukur ninggalkeun kapeurih ati. Keur anteng ngumbar panineungan, karasa aya dampal leungeun ngusapan pipi.
"Hayam Wuruk..."* Erwin Wahyudi - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya