Keris Pusaka
MEUNANG lima taun mah, rumah tangga Jaka jeung Mimin, minangka taya kuciwana. Ayem tengtrem, silih ayunkeun kahayang. Dalah nilik dedegan mah duanana, puguh nurub-cupu, lir ibarat, Rama-Sinta.
Paselang mangsa, dumadakan, reueuk hideung, ngabulen akmana Mimin. Bulan pias, ilang ngemprayna. Pon kitu deui, Jaka, ukur rumahuh, nyidem sagara kahayang, jeroeun dada, mumul kana bengkahna.
"Bah.,abdi seja, nyanggakeun Mimin..," Pokna, semu nalangsa. Si Abah kaget. "Beu, beu... naon, Sujang?
"Muhun ieu Mimin, keukeuh hoyong pisah..." nyaritana bari tungkul. "Da abdi kirang kumaha, parantos ihtiar, kaditu kadieu, mung tetep mugen..." Pokna deui.
Si Abah cengkat, molotot ka Mmin. "Waduk.., sia Mimin..! Sia mah sok nyadur.., yeuh, kurang kumaha, nu jadi salaki, sakitu bageurna.., Abah ngusapan Jaka. "Keun tenang Jang, lamun enya, Si Mimin keukeuh kitu, keun antep.., alukanan, sok geura milh, pimajikaneun anu alus sagalana, ku Abah dikawinkeun."
Mimin ngajerit, Si Abah ngaheumbatkeun leungeuna ka Mimin, kaburu ditewak ku Jaka. Mimin lumpat asup ka kamar, bari ngabeubeutkeun awakna kana kasur.
"Atos Bah, atos.., teu kedah ngalepatkeun Mimin.., Ieu mah tos nasib abdi panginten." Si Abah hemeng teu ngarti. Jaka nggerentes. "Kunaon atuh Keris Pusaka Aing, bet dumadakan ilang maunatna.., emh, hampura Engkang Mimin..."* Yuharno Uyuh - kisuta.com


