Sastra & Humor
Sajak
Romansa Hujan
Senin, 22 April 2013
manuk onaman boga pangreureuhan
na tangkal nu ngarangrangan, sanggeus lungsé
nyorang leuweung katiga tur matapoé
nu dumadak samagaha. Ari kuring jiga nu linglung,
poho ka pangbalikan. Katambias na umpalan
ombak laut kahirupan, nu ngaguruh taya tanding;
basa anjeun buligir sapangadeg, teu euleum-euleum
nyarita, "naraka leuwih éndah manan sawarga!"
(na pucuk bangbaluh aya geutah beureum lir getih
nu ngamalir disuat panitih na tungtung ramo). Cinyusu
geus lawas garing. Heulang ruyuk nyukcruk langit
nu simpé lir kuburan jero dada. "Kuring hujan,
pikeun ajneun nu hirup tanding akar jukut usum katiga,
tong salempang!" kitu pangajakna. Kuring kasarung
na tangtungan sorangan
2006
Soni Farid Maulana - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


