Anti Klimaks
DUAAN pahareup-hareup. Dua pasang panon jago seukeut silih teuteup. Gagang pedang dikeupeul pageuh. Leungeun kénca na sarangka. Luhureun kuda-kuda anu panceg. Di hiji tegalan angar nu dianginan haseup. Panonpoé ngabetrak. Hawar-hawar sora gagak. Simpé.
Dua satria pahareup-hareup. Taya nu usik. Lantaran pada-pada surti yén obahna awak séwang-séwang geus tanding detik. Ukur silih intip. Silih taker kakuatan. Silih teguh itungan. Kuda-kuda angger panceg. Gagang pedang dikeupeul pageuh. Leungeun kénca na sarangka.
Beurang ilang. Hawa cipruk disaput ibun. Béntang baranang. Dua satria anteng pada-pada maca getering rénghap jeung sorot panon lawan. Taya nu usik najan saeutik. Lantaran salah usik saeutik hartina pati. Antukna angger lir mimiti. Kuda-kuda tuluy panceg. Gagang pedang dikeupeul pageuh. Leungeun kénca na sarangka.
Hawar-hawar gagak. Séor angin. Sora insékta. Kongkorongok hayam. Balébat di wétan. Peuting peuray. Tapi dua satria taya nu murwa mesat pakarang tiheula. Duanana pada-pada silih dago panarajang. Kuda-kuda teu weléh panceg. Gagang pedang dikeupeul pageuh. Leungeun kénca na sarangka.* Lugiena De - kisuta.com


