Nu Balik Usaha
Dédi Dagor katelahna. Préman. Jangkung badag. Kulitna badis batik. Pinuh ku tato. Pirang kelir. Pirang ukuran. Karesepna notor alkohol. Taya poé kaliwat. "Miceun kasieun." Cenah. Enya. Pangaruh inuman jigana. Manéhna bangun
teu boga kasieun. Barangasan. Najan leumpang rumanggieung. Mun aya paménta, taya nu wani baha. Sieun kadagor batu ali nu ngadaplok dina peureup buleudna. "Lain sieun dékah. Nu mabok mah ditéjéh gé nambru." Pating kecewis. Nu remen dipalak. "Ngan dékah embung urusan jeung pulisi engkéna." Prang! Beling mancawura. "Didagor siah!" Dédi Ambon ngabedega. Nu pating kecewis, sungsong mikeun upeti. Manéhna seuri. "Mucekil." Gerentesna. Bus ka minimarkét. Balanja. Léos. Balik. Di lawang panto, dibagéakeun goar orok. "Tuh geuning bapa. Nyandak susu, Pa?" Ceuk pamajikanna. Orok ngéar. Kérésék balanjaan dibikeun. "Nitip heula si nyai, Pa!" Manéhna unggeuk. Ngajengjen sisi ranjang. Orok beuki ngéar. Ranggah hayang dipangku. Ungas-ingus. Ngangseuan awak. "Haaah!" Ngangseuan hawa sorangan. Rét ka orok. Ngéar bari ranggah. Ngajengjen. Panonna beueus.* Inda Nugraha Hidayat - kisuta.com


