Nu Marakayangan
“Gerééét…!!” korsi patengahan aya nu ngiserkeun. Gebeg! “Nu ditunggu, ngurunyung” ceuk pikir. Gorolang, sora tipi nu disetél. Jajantung mimiti ratug. “Dicerek sakalian mangkeluk téh, siah!” neger-neger karep. Keteyep muru patengahan.
Diintip, suwung! Ukur tipi hurung jeung korsi-korsi nu pindah tempat. Jorélat! Dua jirim ka dapurkeun. Hordéng lawangna ririaban. Ketug jajantung beuki ngerepan. Tuur nyorodcod. Kojéngkang. Teu kebat. Kapaut gerendeng, ti kamar hareup. “Lakadalah!” Keteyep, malikeun awak. Nu gegerendeng beuki dekukeut. Lol, bréh. Budak awéwé, untun dua. Kulit bodas semu pias. Ngulinkeun bonéka buntung. Belengéh, laju nyampeurkeun. Ngasongkeun buku leutik. Tuluy ngiles teuing ka mendi. Jarigjeug, kudupruk! Sidik pisan ‘na kaca munggaran. Ngaran jeung poto kuring, luhureun tulisan: Pangémut-ngémut, 1932-2010.* Dadi Arya - kisuta.com


