Léngkah
KEUR umur 25, léngkah téh panjang. Kungsi ka Irian, ka Lampung, ka Banjarmasin. Nuturkeun nu jadi dulur, muka showroom jeung béngkél mobil di ditu. Sanggeus kukumpul, boga modal keur usaha di lembur, babaturan nu digawé di
Hongkong nelpon. Ngajak gawé di Jepang, di pabrik éléktronik. Teu loba mikir, léngkah di panjangan deui. Gawé di Jepang meunang tilu taun. Balik ka lembur, imah alus, kabogoh geulis. Hayang mobil, hayang motor, teu kudu ngiridit. Hayang kawin? Alhamdulillah, nanggap hiburana ogé nepi ka tujuh poé, tujuh peuting téh lain bohong. Béjana kungsi nyandung? Ceuk saha? Lain kungsi deui, ayeuna ogé masih. Nu kolot ogé, apaleun. Tinu kolot, boga budak opat. Tinu ngora, hiji. Jadi jejeg, lima. Nincak umur 60, kakara wé léngkah téh dipondokan. Éta ogé lain meunang kahayang. Ngudagkeun nafsu mah, masih kénéh hayang jalan-jalan ka Eropa. Tapi da kumaha, kaburu stroke jeung diabétes. Ngaléngkah ka buruan ogé, sasat dicekelan ku budak.* Jordan Kurniawan - kisuta.com


