Palika Koin
KATAPANG. Satukangeun warung sisi darmaga. Pakulitan hideung, buuk pérang. Balas ngeueum jeung kapoé. Jarot, gegedug palika koin ngelepus udud. “Dul, geus dua poé énté can setor. Manya éléh ku si Sugeng budak kamari, éra atuh euy!” Gento gundul nu ditakon, anteng nyeuseup kaléng lém. Sssshhhtt! Ngalenggak bari peureum. Jarot heneg, ngarasa teu diwaro. Rokok disintreukkeun. Trr..! Pray! ninggang ceuli. “Anjiiiing! Panas siah!” Gento ngagurubug.
 Gento gundul nu ditakon, anteng nyeuseup kaléng lém. Sssshhhtt! Ngalenggak bari peureum. Jarot heneg, ngarasa teu diwaro. Rokok disintreukkeun. Trr..! Pray! ninggang ceuli. “Anjiiiing! Panas siah!” Gento ngagurubug.
“Boss! setoran poé ieu!” hiji sora meuraykeun nu pacéngkadan. Sugeng ngasongkeun bungkusan koin gopéan. Gento ngarérét rada mureleng. Panasbaran.
Toooooot! Sora hatong. Cirining férry téréh nabrang ka Gilimanuk. Teu talangké. Barudak palika lalumpat muru dermaga. Byur! Paheula-heula ngojay ka tengah. Gugupay ménta sawéran. Tingbelewer koin clum-clom. Tingkolényay katojo sinar. Rancingeus. Lep. Sugeng rikat teuleum. Gento nyusul. Ngarawél suku. Dibetot. Jekuk siku nyigeung kana angen. Sugeng ngeheunggeu. Seueul. Koin ngolémbar ka buritan. Gento nyebrut muru koin. Burial getih pagalo jeung budah lambak, kaluar tina baling-baling.* Helmi Pakudjati - kisuta.com



