Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Sibuk Cicing

Rabu, 24 April 2013

GEUS buleud tékad, dipikir dibulak-balik, dibeuweung diutahkeun. Kuring hayang ingkah! hayang indit! Rap Sila manekung, panon peureum bari tungkul. Ngaraja meneng. Nyambat ka sakabéh lelembutan nu geus lila ngalencar, nu baréto arindit tuluy ngajirim kana rupa-rupa beungeut, ngalalakon dina rupa-rupa carita tuluy ngarancik dina wujud-wujud deungeun.
Bruh-bréh ... "Geura baralik...", kuring nyambat hiji-hiji bari dumareuda. Teu bisa kukumaha, ukur bisa nyupata kana diri lantaran isin ku teu bisa miara. Nu kungsi teu miroséa ka maranéhna.
Duh! Ayeuna, nu arindit hiji-hiji geus daratang, mulang. ngajanggélék deui jaradi kuring. Minuhan haté, minuhan pikir. Tekad kuring beuki buleud, hayang ngahiang ...* Is Tuning - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya