Mamah
HARITA, si Mamah ngajak ka kebon tukangeun imah. Singhoréng si Mamah rék némbongkeun kembang. Bari bungah, "Tétéh tinggal, kembang eros beureum kieu, resep da". "Ah naon eros, cucukan," témbal kuring bari ngaléos. "Upami
Tétéh jeung Mamah sagagang eros, Mamah badé janten cucukna, supados taya anu ngaganggu Tétéh", ngadéngé kitu, kuring balik deui. "Upami Tétéh saturnus, Mamah cingcinna. Tétéh kaén, Mamah kapas dina kaénna. Tétéh panonpoé, Mamah layungna. Dunya bakal ancur lamun nanggel kanyaah Mamah ka Tétéh. Moal aya nu tiasa misahkeun Mamah jeung Tétéh," pokna deui. "Tapi urang bakal maot Mah, tangtu bakal papisah," témbal kuring. "Mamah badé tipayun wé, sangkan énggal ngahiji sareng taneuh. Janten pami Tétéh dikurebkeun, Mamah taneuhna," tembalna. Kuring ceurik, teu wasa némbal. Tapi hayangna mah ngabéjaan, kuring ogé hayang jadi panonna, sangkan si Mamah apal yén kembang nu dicepengna téh warna bodas. Lain beureum.* Indah Eka Lestari - kisuta.com


