Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Su’udzon ka Gusti

Rabu, 24 April 2013

DARMAN cindekul deukeut durukan nu ngabebela teu jauh ti saungna. Gebur lambak jeung galindeng dunga meulah poékna peuting. Miharep susuganan aya kapal ngaliwat. Mawa manéhna kaluar ti pulo nu nalimbengna, ampir dua bulan. Di basisir, ramo lambak ngaayun-ambingkeun sabaraha semplék kai, urut parahuna nu ancur kabanting ombak.
“Ya Alloh, di ieu pulo abdi nyorangan. Mung ukur ka Anjeun, abdi miharep pitulung!” Bréh, beungeut pamajikan jeung anakna ngalangkang. Cipanon nyalangkrung, teu kawawa.
Darman kasaréan luhureun kikisik, gédéngeun durukan. Pucuk seuneu luak-léok katebak angin ngapungkeun silalatu mumul ka wiati, ngaléntab saung nepika béak.
Wanci subuh, Darman nguniang hudang, kasampak saungna kari gundukan ruhak, haseupna ngelun. Gantawang Darman nyarékan ka Gusti, asa diteungteuinganan. Laju sumegruk nepika bray beurang.
“Hayu Kang, cuang mulang,” ceuk pamayang bari nepak taktak. Darman ngoréjat, reuwas. “Naha Ayi apal aya Akang di ieu pulo?” Darman nanya, héran. Pamayang ukur nunjuk kana haseup nu ngelun, urut saung kaduruk.* Rudi Alfajri - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya