Sastra & Humor
Fikmin
Carita Nu Can Cacap
Kamis, 25 April 2013
"CENAH, hate maneh ngagarapak, basa uing ngadupak seahna hujan nu ngagantawangkeun baseuhna mangsa. Baju ge cipruk ngahinis ipis. Maneh tuluy neuteup bari ngararasakeun nu nyeuit semu tiis. Pan uing geus balaka, maneh teu
kudu ceurik. Kanyaah nu aya moal laas, najan lambak sagara neumbrag mamaras. Geuning, basa kaca mobil ditaekkeun. Uing nutup hawa, nutup paningali, nutup rasa. Maneh mah masih nangtung lebahing palataran. Cai hujan nu awor jeung cimata mamaksa hate maneh nunutur ringkang uing nu geus rancucud ku guligah."
Tengah peuting. SMS nu beueus, nginghak, nyengceurikan kasono nu beuki manjang tur karahaan.* Ahmad Fawzy Imron - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


