Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Papatah Abah

Kamis, 25 April 2013

GEUS saminggu, Abah Wira, kaanjangan ku tilu incuna. Peutingna Abah Wira, ngagelendut mapatahan, ku papatah Sunda buhun. "Saacan mulang ka Batawi, regepkeun nya, Cu..." Pokna, bari melenyun, udud daun kawung. Incuna tarungkul bari sila. 
"Cu.., poma jeung dulur, masing alakur, ulah pagirang-girang tampian, dina nyiar kipayah, sing bisa ngeureut neundeun..."
"Muhun, Bah..," ceuk Incu nu cikal.
"Iya Bah..." Tembal Incu anu kadua jeung katilu, bari nyikikik silih pelong.
"Mangka omat, kudu tiis ibun, ampih pikir. Atuh, mun boga kenur sadeupa, omat ulah nguseup ka sagara.., omat ngeduk cikur kedah mihatur..." Nyaritana teu kebat, incuna anu keur tarungkul, ditelek-telek.
Goledag, incu anu kadua jeung katilu ngagoledag, disusul ku incu anu cikal. Abah Wira gogodeg.
"Beu, hanas Aing ngabamblam.., ari sugan, kukupu muntir, geuningan kadal jeung lalay..!" Pokna bari cengkat semu keuheul.* Yuharno Uyuh - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya