Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Hadiah Kanggé Mamah

Kamis, 25 April 2013

IHSAN jeung Sarah, carindekul handapeun tangkal buah. Jiga nu keur badami. “Aa, enjing mamah ulang taun! Badé masihan hadiah naon?” Sarah muka obrolan. Ihsan teu langsung ngajawab, paromana ngungun. “Duka! Aa, teu gaduh artos, ari kedah méser hadiah mah…” Laju simpé.
Tengah peuting. Sup, Ihsan jeung Sarah ka kamar mandi. Cai disiukan tina bak dikana emberkeun. Laju dibawa ka pakarangan imah. “Mah… mah…!” Indungna diguyah-guyah. “Aya naon ieu wengi-wengi?” Indungna, semu kagét. “Aya hadiah ulang taun, kanggé mamah..” Nunjuk kana ember. Rét, ditempo kana jero ember. Aya bulan mabra dina jero ember. “Nuhun, Anaking..” Bari nangkeup, dua bulan nu teu weléh nyaangan haté-na…* Apoedy Sarah Ihsan - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya