Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Lalangsé Peuting

Kamis, 25 April 2013

SINAWANG di mércusuar. Bruhbréh. Gupay lambak umajak parahu mayang. Dianteur angin buritan, ngangkleung miang mawa harepan. Neuteup dayeuh ka jauhna. Baranang, nyieuhkeun béntang. Adrenalin ngahurun beurang. Nyuaykeun simbut peuting, ngajul sésa bulan sapasi. Béntang ragrag di trotoar. Widadari tan jangjangan. Lugay sidéndang macan teunangan. Kembang baraja kayas dina rindat mélodius. Metot duriat. Momolo nyungcung, ngempur. Mawa béja ti sawarga. Gumalindeng sora nadoman, “Ilahi lastu lil firdausi ahla…” Simpé. Kasaweur angin leuseuh ku polutan. Euntreup ‘na régang nu ngarangrangan. Lalaki tuwuh, cindutrun gigireun bedug. Ngagerendeng beueus, “Walaa aqwaa ‘ala naaril jahiimi…”* Helmi Pakudjati - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya